PDF DOC Soal Latihan PTS UTS Kelas 7 SMP MTs Mapel Bahasa Sunda Terbaru, Lengkap dengan Kunci Jawaban

- 26 Februari 2023, 19:30 WIB
soal PTS Matematika kelas 7 semester 2 dan jawabannya 2023
soal PTS Matematika kelas 7 semester 2 dan jawabannya 2023 /pexels.com

1. Kalimah anu eusina nepikeun omongan jalma séjén ka jalma anu diajak nyarita kalawan bébas henteu saujratna, nyaéta kalimah .....
A. kalimah langsung
B. kalimah campuran
C. kalimah pananya
D. kalimah teu langsung

2. Kalimah anu diucapkeun ku nu nyarita ka jalma nu diajak nyaritana, nyaéta kalimah .....
A. kalimah teu langsung
B. kalimah pananya
C. kalimah campuran
D. kalimah langsung

3. Paguneman téh dilakukeun ku .....
A. sorangan bari sorana bedas
B. duaan tapi nu ngomongna saurang
C. duaan atawa leuwih bari silih témpas
D. sorangan bari sorana teu kadéngé ku batur

4. Anu kaasup paguneman téh nyaéta .....
A. dialog C. épilog
B. monolog D. prolog

5. Jejer dina paguneman téh nyaéta .....
A. diatur ku nu nyarita
B. bisa naon baé
C. diatur ku nu diajak nyarita
D. teu bisa sambarangan

6. Kaasup henteu pantes dilakukeun upama urang keur paguneman téh aya nu .....
A. nyarita dibarung ku pasémon anu marahmay
B. nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah
C. nyarita dibarung ku lentong anu merenah
D. nyarita dibarung ku lajag léjég jeung poporongos

7. Tatakrama basa Sunda sacara gurat badagna diwangun ku .....
A. ragam basa loma jeung basa hormat
B. ragam basa cohag jeung basa hormat
C. ragam basa hormat keur sorangan jeung keur batur
D. ragam basa loma jeung basa hormat keur ka batur

8. Tatakrama basa Sunda maksudna pikeun .....
A. ngawilah-wilah jalma
B. ngahargaan saluhureun
C. silihargaan jeung sasama
D. ngahormat ka atasan

9. Tatakrama basa Sunda baheula mah disebut .....
A. panta-pantana basa
B. undak-usuk basa
C. kasar-lemesna basa
D. basa loma jeung hormat

10. Kuring kakara balik ti sakola.
Dirobah jadi ragam basa hormat .....
A. abdi nembé mulih ti sakola.
B. abdi nembé wangsul ti sakola.
C. abdi nembé mulang ti sakola.
D. abdi kakara mulih ti sakola.

11. Kamari kuring papanggih jeung lanceuk manéh.
Ragam basa hormatna .....
A. kamari abdi patepang sareng pun lanceuk.
B. kamari abdi patepang sareng pun raka.
C. kamari abdi patepang sareng tuang lanceuk.
D. kamari abdi patepang sareng tuang raka.

12. Unggal enjing abdi ..... ka sakola
A. angkat C. mios
B. mangkat D. indit

13. Adi kuring teu bisa sakola lantaran geuring.
Ragam basa hormatna .....
A. Pun adi teu tiasa sakola ku margi udur.
B. Pun adi teu tiasa sakola ku margi teu damang.
C. Pun rai teu tiasa sakola ku margi udur.
D. Rai abdi teu tiasa sakola ku margi teu damang.

14. Jalma anu tara daék barang béré kabatur disebut .....
A. buntut kasiran C. gurat cai
B. élmu sapi D. heuras létah
15. Paguneman dilaksanakeun .....
A. di mana baé
B. dina kaayaan dines
C. di jero kelas
D. bari dariuk dina korsi

16. Kecap dahar lamun dirobah kana basa hormat keur ka batur nyaéta .....
A. neda C. emam
B. madang D. tuang

17. Kecap embung lamun dirobah kana basa hormat keur sorangan nyaéta .....
A. teu kersa C. alim
B. hoyong D. kersa

18. Tingali kalimah di handap ieu!
Indung jeung Anak

“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.

“Naroskeun naon?Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.

“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.“Kieu, Mah ....., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapamah tipengker naékna ..... lungsurna mah tipayun,” pokna.

Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
A. Piknik ti Maribaya
B. Naék mobil jeung turun mobil
C. Indung jeung anak
D. Tatakrama naek jeung turun tina mobil

19. Pa Eko :Édo geus tilu poé ..... Cik barudak sugan aya nu apal, ari Édo kamana geus tilu poé?

Sutar :Teu damang, Pa.
.....
Pa Eko :Har, geuning teu ngirim surat .....”

Pék teruskeun titik-titik di luhur!
A. Kamari gé tos teu kasakola, pa.
B. Kamari ogé dicandak ka Rumah Sakit ku mamahna saurna muntabér.
C. Malihan saur mamahna teu tiasa mapah-mapah acan.
D. Geubis tina sapedah waktos dinten kamari

20. Kalimah nu merenah ngalarapkeunana
A. Pun Ua nuju teu damang tos 5 dinten
B. Abdi angkat ka Jakarta sareng pun biang
C. Bibi abdi nuju udur répot
D. Abdi mios tibumi jam 06.30

Baca Juga: Doodle Hari Ini 26 Februari 2023 Bertema 'Mengenang Didi Kempot' Sosok Godfather of Broken Heart Indonesia

Untuk Soal dan Kunci Jawaban Format DOC dan PDF, Silahkan Download Pada Link Disamping, KLIK DISINI

Demikian Informasi tentang soal dan kunci jawaban PTS UTS untuk kelas 7 SMP MTs, mata pelajaran Bahasa Sunda dengan format PDF.***

Halaman:

Editor: Uswatun Khasanah


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x